Minggu, 01 November 2009

Can dijudulan..(carita nyambung I)

Rasa ieu..hese ngaleungitkeunna. Ibarat seuneu dina hawu, ditiup kalahkah ngagedur beuki ngagedean. Rasa nu sabenerna teu kudu aya di jero hate..tapi teuing kumaha, teu kanyahoan geus ngakar pageuh minuhan ruang kosong di lolongkrang hate.

Meus meus Ninis ngarenghap napas panjang, karasa eungap. Asa aya batu gede na jero dadana. Mun kongang mah hayang ngajerit maratan langit. Ngan teu bisa. Tungtungna ngan saukur ngarahuh nahan samagaha hate. "Duh Gusti,..sim kuring tulungan!".

Geus leuwih ti lima taun ngancikna rasa ieu. Sakuduna mah endah, tapi pikeun manehna mah pait, leuwit ti peuheurna batrawali. Karasa peurih, asa disebitan ku silet. "Naha atuh anjeun teh teu bisa ngaragap hate kuring, junjunan?"..kitu jeung kitu nu kaluar tina hate leutikna.

(Nyambung)..

Rabu, 14 Januari 2009

Bararade..................???

Muriang awak teh ti kamari sore. Hese pisan rek reup sare oge da irung mepeg. Guling gasahan, teu ngeunah malik kaditu malik kadieu. Tungtungna nyileuk ampir sapeupeuting. Kasubuhnakeun kakara bisa sare sakerejep, eta ge bari teu pati tibra. Tapi alhamdulillah teu jangar teuing.

Di kantor oge teu bisa husu kana gawe. Meusmeus bersin, meusmeus ngingsreuk. Kahayang mah buru-buru balik. Geus sono kana bantal jeung simbut. Tapi teu bisa, kudu nungguan lonceng heula. Mangkaning lila keneh...beu!!

Can dahar ubar. Can kaburu berobat. Hoream jung na. Coba mun aya nu nganteuran coklat susu panas mah, sigana nikmatnya.....

TEUNGTEUINGEUN

Teungteuingeun Israel, dulur-dulur kuring di Palestina ku anjeun di tandasa. Jelema-jelema nu teu tuah teu dosa dikakaya taya ras rasan. Kacida! Geus loba teuing korban nu perlaya. Naon sabenerna kahayang anjeun? Hayang wawar-wawar yen anjeun kawasa? Kacida, teu boga kaera!!

Mugi-mugi dulur-dulur di Palestina dibere kakuatan jeung kasobaran. Mugi-mugi Allah SWT salawasna nangtayungan ka aranjeun. Hampura, kuring teu walakaya pikeun nulung anjeun. Ngan doa jeung doa nu salawasna dikirim ku kuring. Hampura..sakali deui hampura!