Minggu, 01 November 2009

Can dijudulan..(carita nyambung I)

Rasa ieu..hese ngaleungitkeunna. Ibarat seuneu dina hawu, ditiup kalahkah ngagedur beuki ngagedean. Rasa nu sabenerna teu kudu aya di jero hate..tapi teuing kumaha, teu kanyahoan geus ngakar pageuh minuhan ruang kosong di lolongkrang hate.

Meus meus Ninis ngarenghap napas panjang, karasa eungap. Asa aya batu gede na jero dadana. Mun kongang mah hayang ngajerit maratan langit. Ngan teu bisa. Tungtungna ngan saukur ngarahuh nahan samagaha hate. "Duh Gusti,..sim kuring tulungan!".

Geus leuwih ti lima taun ngancikna rasa ieu. Sakuduna mah endah, tapi pikeun manehna mah pait, leuwit ti peuheurna batrawali. Karasa peurih, asa disebitan ku silet. "Naha atuh anjeun teh teu bisa ngaragap hate kuring, junjunan?"..kitu jeung kitu nu kaluar tina hate leutikna.

(Nyambung)..

Rabu, 14 Januari 2009

Bararade..................???

Muriang awak teh ti kamari sore. Hese pisan rek reup sare oge da irung mepeg. Guling gasahan, teu ngeunah malik kaditu malik kadieu. Tungtungna nyileuk ampir sapeupeuting. Kasubuhnakeun kakara bisa sare sakerejep, eta ge bari teu pati tibra. Tapi alhamdulillah teu jangar teuing.

Di kantor oge teu bisa husu kana gawe. Meusmeus bersin, meusmeus ngingsreuk. Kahayang mah buru-buru balik. Geus sono kana bantal jeung simbut. Tapi teu bisa, kudu nungguan lonceng heula. Mangkaning lila keneh...beu!!

Can dahar ubar. Can kaburu berobat. Hoream jung na. Coba mun aya nu nganteuran coklat susu panas mah, sigana nikmatnya.....

TEUNGTEUINGEUN

Teungteuingeun Israel, dulur-dulur kuring di Palestina ku anjeun di tandasa. Jelema-jelema nu teu tuah teu dosa dikakaya taya ras rasan. Kacida! Geus loba teuing korban nu perlaya. Naon sabenerna kahayang anjeun? Hayang wawar-wawar yen anjeun kawasa? Kacida, teu boga kaera!!

Mugi-mugi dulur-dulur di Palestina dibere kakuatan jeung kasobaran. Mugi-mugi Allah SWT salawasna nangtayungan ka aranjeun. Hampura, kuring teu walakaya pikeun nulung anjeun. Ngan doa jeung doa nu salawasna dikirim ku kuring. Hampura..sakali deui hampura!

Kamis, 25 Desember 2008

Hayu!!!

Sakeudeung deui tereh ganti taun. Aya kahariwang jeung aya harepan. Naha engke kahirupan leuwih alus tibatan ayeuna atawa sabalikna? Rupa-rupa hal pagaliwota dina pikiran. Tapi sakumaha gedena halangan, kahirupan kudu tetep jalan. Tetep optimis!!
Ceuk ampir sakabeh jelema, ayeuna teh jaman susah, krisis global tea, loba PHK. Tapi lain hartina urang kudu eleh ku kaayaan pan?

"Dimana aya kadaek, di dinya insya allah aya jalan". Geus teu usum ayeuna mah gengsi-gengsian. Naon wae nu bisa digawekeun, asal halal jeung dipirido ku Allah tangtuna, euweuh salahna dicobaan, dileukeunan. Ngan hiji koncina, ulah kumeok memeh dipacok, alias eleh tiheula saacan makalangan. Nya teu?

Hayu atuh urang bismillah, papag taun anyar ieu pinuh ku kasadrahan jeung sumanget pikeun ngaronjatkeun kahirupan urang, sarta nu pang pentingna ibadah urang ulah dipopohokeun, jeung kawajiban urang dakwah ka dulur-dulur urang pikeun ngajak babarengan ka jalan nu dipirido ku Allah. Insya allah euweuh nu hese upama niat urang hade, ikhlas ngan keur Allah SWT. Amiin.

Yu, urang picinta basa Sunda

Geus aya kana kurang leuwih dalapan belas taun teu diajar basa Sunda teh. Bareto oge pedah weh aya mata palajaranna di sakola. Ti harita nepi ka ayeuna mah ngan majalah Mangle weh nu bisa rada ngupahan hate pikeun diajar basa Sunda teh. Atuda ayeuna mah dina pergaulan sapopoe oge geus jarang urang sunda ngomong make basa indung teh. Loloba na mah mararake basa Indonesia weh, kaasup kuring...hehe.., boh di kantor boh di imah, sok campur mamalayuan logat sunda tea gening anu jadi 'aneh' kadengena.

Mudah-mudahan ku ayana blog ieu kuring bisa leuwih ngabiasakeun nulis make basa sunda nu dipicinta. Jeung aya hiji cita-cita, mudah-mudahan bae beuki loba urang sunda nu hayang ngamumule basa na sorangan. Amiin.

Rabu, 24 Desember 2008

Diajar

Alhamdulillah tos tiasa ngadamel blog enggal di blogspot. Nembe diajar keneh, teu acan aya eusian nya. Hapunten upami tampilanna katingali masih acak-acakan. Wilujeng sumping ka sadayana. Insya allah kapayun bade dipidangkeun rupi-rupi seratan nganggo bahasa sunda. Hatur nuhun.